Lalakon Hirup
Vidzas Érdien, wartosna, dibabarkeun di wewengkon Kota Intan, Garut, dina tengah-tengah tahn 1978. Atikan pangluhurna anu kanto s dilakonan nya éta Program Pendidikan Bahasa Arab-Universitas Indonesia.
Saparantos lulus kuliah, Vidzas Érdien kantos diajar usaha leuleutikan dina widang ritel; kantos ogé ngawulang salami 4 taun di SD, SMP, tur SMA, minangka staff pengajar TIK
teunyambung nya!; salajengna ancrub ka dunya pamedal (penerbitan) minangka editor buku-buku palajaran kabahasa-Araban, ka-Islam-an, sareng kabahasa-Sundaan.
Ayeuna, kalwan modal élmu panemu jeung pangalaman saayana Vidzas Érdien mimiti ngararancang jadi panulis “amatiran” bari neuleuman bisnis online.
Karya anu parantos dipedalkeun (diterbitkan): Buku PAI SD (Lulus Peniléyan DEPAG RI taun 2008); Buku PAI SMP (Lulus Peniléyan DEPAG RI taun 2008); LKS Palajaran MI-MTs-MA-SD-SMP-SMP; Modul PAI pikeun Program Paket B jeung Paket C; Buku TIK SMP VIII (Lulus Peniléyan BSNP Taun 2009 tur dibeuli ku Pamarintah).
Kiwari dina awal taun 2010 Vidzas Érdien ngagarap Buku PAI SD-SMP (pikeun diajukeun kana penilaian di BSNP), ogé rencanana lamun sempet seja nulis Buku Palajaran Bahasa Arab SMA(pikeun diajukeun kana penilaian di BSNP) ogé.
Kitu tah lalakon basajan Vidzas Érdien mah
Bilih aya anu badé ngiring ngadeudeul kana ieu blog, mangga diantos pisan
Haturan,
Vidzas Érdien












Belum ada trackback.