Sasakala Ombak

ombak-rancabuaya

    Dina hiji mangsa, gunung-gunung garundul geus euweuh tatangkalan. Leuweung-leuweungna ilang musna. Tatangkalanana dibukbak ku jalma-jalma sarakah. Dijieun suluh, imah, jeung sajabana. Akibatna, bumi alam jadi panas.
    Wahangan caina leutik, ngolétrak. Sawah-sawah réa nu garing. Balong nu aya caian ngan ukur nu di sisi wahangan. Kitu ogé caina geus méh saat.
    ”Jelegér! Sakadang méga, naha geus cukup jumlah urang keur turun ka bumi?” tanya gelap ka méga.
    ”Kawasna mah geus cukup. Ieu batur kuring nu di béh handap mani geus hideung beungeutna bakating ku ambek hayang buru-buru turun jadi hujan. Lila-lila mah kuring gé teu bisa nahan maranéhna.” ceuk méga ngajawab ka gelap.
    ”Enya. Hayu atuh! Ku kuring urang dikomando. Jelegér!”
    Para méga kapanasan ku kilatan gelap. Para méga robah rupa jaradi cihujan. Maranéhna tuturubun tarurun ti langit muru ka bumi.
    ”Turuuun!” Cihujan sorana ngaguruh. Breg baé hujan gedé taya eureunna. Barang tepi ka bumi, taya tatangkalan jeung dangdaunan nu nahan maranéhna.
    ”Aduh! Geuning euweuh tatangkalan anu nahan pisan ieu téh?” ceuk cihujan nu kabeneran ragrag di gunung.
    ”Aduh! Awas-awas ieu urang teu bisa eureun!” ceuk cihujan patingjorowok. Maranéhna tigogoloncong muru ka handap. Beuki ka handap beuki réa babaturanana anu tarurun tigogoloncong téh. Ahirna maranéhna ngumpul jadi cileuncang anu gedé kacida. Maranéhna arambekeun. Anu tadina harérang laleutik siga permata, ayeuna bet jadi cileuncang anu nya gedé nya kotor. Ku kituna, maranéhna robah jadi cai banjir. Cai banjir téh sauyunan muru wahangan. Wahangan teu kuateun ngawadahan. Ahirna cai banjir hanjat ka darat.
    ”Ieu téh kabéh ogé gara-gara jelema! Tatangkalan paranti urang cicing di bumi jadi euweuh. Ayeuna mah tong kagok, hayu urang gempur jelema téh!”
    ”Hayu! Satuju, satuju! Gempuuur!”
    ”Cai balong! Hayu milu jeung kuring urang ngagempur jelema!” ceuk cai banjir ka cai balong, ”Lauk-lauk, sok aranjeun geura kalabur!” Lauk ti balong kalabur aratoheun.
    ”Tah-tah, éta imah jelema nu di sisi wahangan urang bawa sakalian! Tuman jelema téh! Teu kira-kira nyieun imah dina liliwatan urang. Kapan wahangan mah hancengan urang!” Imah téh ahirna mah kakeueum ku cai.
    ”Horséh. Jelemana lalumpatan euy sieuneun ku urang!” ceuk cai banjir. ”Hayu, buru urang kumpul di laut! Geus di laut mah tanaga urang bakal beuki gedé da leuwih réa!”
    ”Hayuuu!” Cai banjir nu ambek ngalabring muru ka laut. Di sapanjang wahangan nu kaliwatan, maranéhna teu poho ngaruksak pakaya jelema. Sasatoan, imah, mobil, motor, jeung sagala rupa pakaya jelema dikeueum. Anu hampang mah malah dibawa sakalian. Jalma-jalma pahibut nyalametkeun diri jeung pakayana.
    Cai banjir nu asalna ti sababaraha wahangan geus karumpul di laut. Maranéhna terus susurakan. Teu daék cicing. Ayeuna mah maranéhna geus robah jadi cai laut.
    ”Hayu ayeuna mah urang gempur babarengan!” Berebet maranéhna muru ka sisi.
    ”Ké heula sabar, dulur!” ceuk baturna bari ngenyang cai laut nu rék ka sisi. Atuh nu keur lumpat ka sisi téh balik deui ka tengah da ditarik.
    ”Ngadagoan naon deui ari énté?” ceuk cai laut nu tadi lumpat ka sisi téh.
    ”Urang dagoan dulur urang nu ti Kutub. Maranéhna masih kénéh aya nu mangrupa és. Can jadi cai kabéh. Ké dagoan sakeudeung! Lamun nyerang jeung manéhna mah urang pasti meunang! Pasti bisa ngancurkeun kahirupan jelema sakabéhna!” ceuk cai laut anu sabar.
    ”Teu sabar urang mah nungguan dulur nu ti Kutub. Rék nyerbu ayeuna baé!” Berebet cai laut nu teu sabar téh lumpat deui ka sisi rék hanjat ka darat. Unggal geus rék tepi ka sisi, manéhna balik deui ka tengah da dikenyang ku baturna nu sabar kénéh.
    Ti baheula tepi ka ayeuna cai laut téh hayoh baé ka sisi ka tengah, ka sisi ka tengah. Cai laut nu lulumpatan siga kitu téh disebutna ombak. Kitu, tah sasakala ombak téh.

Sumber: Drs. Enang Rusyana, M.Pd. Pustaka Basa.
Bogor: CV Bina Pustaka

Laporan

Hasil Wawancara Ngeunaan Pupuh
Para Saderek, dina ieu waktos sim kuring, Erdin, bade ngadugikeun laporan hasil wawancara ngeunaan pupuh, anu parantos dilaksanakeun dina kaping 01 April 2009. Dupi anu janten narasumberna nya eta Ibu Dewi April anu ditepangan ku sim kuring di bumina.
Tina hasil eta wawancara teh ku simkuring tiasa dicandak kacindekanana sepertos kieu:
Kahiji, pupuh teh kaasup wangun kasenian, naskahna kaasup kana seni sastra, sedengkeun ngawihkeunana kaasup kana seni sora.
Kadua, dina nulis pupuh kudu tumut kana aturan tembang. Misilna, nalika rék ngarang dina pupuh Durma. Nu ditulis téh kudu nyaritakeun rasa sumanget. Terus tangtukeun jumlah padana. Dina pada téh aya padalisan atawa jumlah barisan. Dina padalisan téh aya jumlah engang. Engang téh suku kata. Terus, tungtung padalisan ogé geus diatur sorana. Teu meunang sagawayah sora tungtung dina pupuh mah.
Katilu, ku ayana aturan-aturan anu disebutkeun di luhur, ceuk saliwat mah nulis pupuh teh hese. Tapi sabenerna lamun geus bisa mah, teu hésé.
Kaopat, pupuh téh asalna mah ti Jawa, ti Mataram. Asupna pupuh ka tatar Sunda mimitina baheula, urang Sunda téh kaeréh ku Mataram ti Jawa. Sakur pajabat ti Sunda keur tugur di Mataram sok dialajar pupuh. Tah, ari baralikna deui ka Sunda téh sok terus baé disebarkeun.
Kalima, pupuh teh aya anu disebut pupuh sekar ageung jeung pupuh sekar alit. Pupuh sekar ageung téh nya éta pupuh anu mindeng dipaké, nya eta kinanti, sinom, asmarandana, jeung dangdanggula, sok disingget jadi KSAD. Ari pupuh sekar alit mah nya éta pupuh anu jarang dipaké, contona balakbak, jurudemung, magatru, jeung réa-réa deui.
Tah, sakitu laporan hasil wawancara sim kuring sareng Ibu Dewi April teh. Mudah-mudahan aya mangpaatna kanggo urang sadayana.

Ngadéskripsikeun Hiji Barang

Ngadéskripsikeun hiji barang téh nya éta méré gambaran ngeunaan kaayaan hiji barang, ti mimiti ngaranna, wangunna, ukuranana, jeung kagunaanana. Ayeuna hidep kudu diajar nyarita piekun ngadéskripsikeun hiji barang. Sanggeus hidep ngadéskripsikeun ngeunaan hiji barang, jalma anu ngabandungan déskripsi anu ditepikeun ku hidep bakal bisa ngabayangkeun kaayaan barang éta. Lamun barang anu didéskripsikeun ku hidep geus bisa kabayangeun ku nu ngabandunganana, hartina hidep geus bisa ngadéskripsikeun kalawan hadé.
Sangkan hidep bisa ngadéskripsikeun hiji barang kalawan hadé, pék ilo heula conto déskripsi di handap!
Mesin Cuci
Bu Nunung, mamahna Popi, kakara meuli mesin cuci. Dibandingkeun jeung nu tiheula, nu ayeuna mah leuwih gedé. Sakali nyeuseuh téh bisa nepi ka lima kilo. Hargana ogé leuwih mahal deuih.
Kitu deui modélna, leuwih alus. Leuwih modéren. Hanjakalna téh henteu otomatis, kaluar seuseuhan téh henteu langsung garing. Sarua jeung nu tiheula, kudu digaringkeun heula.
Read more