Pépéling keur nu Can Éling

Éling-eling geura éling
Hirup téh tong langlang lingling
Geura balik kanu nyangking
Gusti anu Maha Wening

Prak geura lakukeun tobat
Jeung tuluy adegkeun solat
Sangkan engké di ahérat
Hirupna moal malarat

Hirup téh aya tungtungna
Moal lana salilana
Raga papisah jeung nyawa
Nya maot téa ngaranna

Raga teu ngaboga-boga
Harta euweuh nu dibawa
Kulawarga moal bela

Da puguh béda alamna

Tah ti dinya mimitina
Laku lampah keur di dunya
Ku anjeun bakal katara
Karasa walesanana

Lamun hirup dina toat
Nya bakal narima ni’mat
Sedeng lamun hirup sesat
Disiksa teu elat-elat

Matak gé geura bebenah
Ulah ngalampahkeun salah
Sangkan hirup tumaninah
Moal sieun ku kiyamah
**Gambar hiji ti http://4.bp.blogspot.com

  1. bahasa sunda, saya kurang begitu ngerti..
    numpang lewat and komen saja mas :)

    • O… gitu, Ngga apa-apa dah, makasih dah mo mampir di sini Gan

  2. Makasih dah mampir Gan :D

  1. Belum ada trackback.

Tinggalkan Balasan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Ubah )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Ubah )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Ubah )

Connecting to %s